Sony Xperia Z3 Compact - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Modeu motret

Otomatis superior

Optimalkeun setelan Anjeun pikeun cocog ka pamandangan nu mana wae.

Manual

Saluyukeun setelan kamera sacara manual.

Sound Photo

Moto sareng sora latar tukang.

Multi kamera

Rekam pamandangan nu sami ti sababaraha sudut dina layar tunggal.

Raray dina gambar

Moto make kamera hareup sareng tukang sacara babarengan.

Video 4K

Jieun video resolusi depinisi ultra gede 4K.

Timeshift video

Jieun video susunan gancang pisan tur terapkeun epek gerak laun.

Epek AR

Moto atawa ngarekam video ku pamandangan jeung karakter virtual.

Epek kreatip

Terapkeun efek ka poto atawa video.

Timeshift burst

Teang poto nu panghadena di antawis urutan gambar.

Panorama Sapu

Candak poto sudut lebar sareng panoramik.

100

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Background defocus

Rumeukkeun latar tukang poto Anjeun supaya subjek poto Anjeun katempona leuwih seukeut.

Potret gaya

Moto sareng gaya potret waktu-sabenerna.

Pikeun diajar ihwal cara nyieun poto nu alus, buka

www.sonymobile.com/support/

.

Pikeun pindah antar modeu motret

1

Pencet tur tahan kenop kamera.

2

Gesek layar ka modeu motret nu dipikahoyong.

Superior auto

Modeu superior auto mariksa kaayaan pas Anjeun moto jeung otomatis ngatur setelan

jang mastikeun poto Anjeun alus.

Resolusi nu pang luhurna nu dirojong ku Modeu otomatis superior nyaeta 8MP. Lamun Anjeun

hoyong moto nu resolusina leuwih luhur, pake modeu

Manual.

Modeu manual

Pake modeu Manual upami Anjeun hoyong ngatur setelan kamera sacara manual jang

nyandak poto atawa video.

Epek AR

Anjeun tiasa nambahkeun epek AR (augmented reality) ka poto atawa video Anjeun tur

nyieun poto atawa video eta jadi leuwih rame. Basa make kamera, setelan iey ngidinan

Anjeun ngagabungkeun pamandangan 3D ka poto atawa video Anjeun. Anjeun ngan

milih pamandangan nu dipikahoyong tur nyaluyukeun posisina di jandela tempo heula.

Epek Kreatip

Anjeun bisa nerapkeun epek nu beda-beda kana poto atawa video Anjeun. Contona,

Anjeun bisa nambahkeun epek Nostalgia supaya poto jadi jiga heubeul atawa epek

Sketsa supaya gambarna jadi leuwih alus.

Sweep Panorama

Anjeun tiasa nyandak poto sudut lebar sareng poto panorama ti arah horisontal atawa

vertikal ku cara gerakan pencet-tur-sapu nu gampang.

Pikeun nyandak poto panoramik

1

Aktipkeun kamera.

2

Gesek layar pikeun muka

, teras pilih .

3

Pikeun milih arah pamotretan, ketok

.

4

Pencet kenop kamera tur pindahkeun kamera lalaunan tur ajeg dina arah gerakan

nu dituduhkeun di layar.

Timeshift burst

Kamera nyokot urutan 61 poto dina mangsa dua detik – sadetik saacan jeung

saenggeus Anjeun ngetok kenop kamera dina-layar. Jadi Anjeun bisa nempoan deui tur

neangan gambar nu pang alusna.

Pikeun make Timeshift burst

1

Aktipkeun kamera.

2

Gesek layar pikeun muka

, terus pilih .

3

Moto. Poto nu tos dicandak bakal nembongan di panempoan gambar leutik.

4

Gulung dina gambar leutikna terus pilih poto nu ku Anjeun hoyong disimpen, terus

ketok .

101

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Video robah waktu

Anjeun bisa ngarekam video susunan gancang dina 120 susunan per detik terus

nerapkeun epek jadi Anjeun bisa muter deui sawareh atawa kabeh video dina gerak laun.

Modeu latar tukang teu pokus

Pake efek latar tukang rumeuk dina kamera Anjeun supaya subjek poto Anjeun leuwih

seukeut jeung jelas dibandingkeun jeung latar tukang na. Dina Modeu latar tukang teu

pokus, kamera moto dua gambar, ngaidentipikasi latar tukang terus dirumeukkeun tapi

tetep ngajaga gambar subjek seukeut jeung jelas – sapertos moto make kamera SLR

digital. Anjeun bisa milih tina tilu pariasi rumeuk jeung ngatur lepel rumeukna dina layar

tilik.

Beungeut dina gambar

Anjeun bisa make Modeu beungeut na gambar jang ngahurungeun kamera hareup jeung

utama babarengan, jadi Anjeun bisa moto diri Anjeun bareng jeung subjek.

Modeu kamera multi

Modeu kamera multi bisa nyolot poto nu nghijikeun gambar tina dua juru jeung alat nu

beda. Anjeun ningali dua gambar dina kamera tempo heula dina alat Anjeun – hiji tina

kamera Anjeun jeung hiji deui tina alat Xperia™ nu disambungkeun atawa kamera Sony

nu ngarojong NFC and teknologi Wi-Fi Direct™. Anjeun tiasa ngedit nu ku Anjeun tingali

dina tempo heula saacan moto.
Jadi, contona, lamun Anjeun keur di konser jeung Anjeun hoyong nyokot poto nu

ngahijikeun gambar ben tina juru hiji jeung panongton tina juru sejenna, Anjeun bisa

make Modeu kamera multi jang epek nu alus.
Anjeun bisa ngeset Modeu kamera multi make NFC, nu bakal muka pamasangan dua

alat make teknologi Wi-Fi Direct™.

Pikeun make modeu Multi kamera

1

Aktipkeun pungsi NFC di kadua alat nu Anjeun hoyong sambungkeun.

2

Aktipkeun kamera dina alat Anjeun.

3

Gesek layar pikeun muka

, teras pilih .

4

Dina layar kadua alat, ketok .

5

Toel wewengkon deteksi NFC di unggal alat. Kadua alat ayeuna disambungkeun

nganggo teknologi Wi-Fi Direct™.

6

Saatos alat disambungkeun, dua gambar nembongan di layar tempo heula di alat

Anjeun – hiji ti layar tempo heula kamera Anjeun jeung hiji deui ti layar tempo heula

di alat nu disambungkeun.

7

Pikeun ngedit gambar dina layar tempo heula Anjeun, ketok

.

8

Edit gambar sakahoyong Anjeun. Contona, Anjeun tiasa ngetok tur tahan gambar

tur nyered gambar eta ka sisi nu sejen layar tempo heula pikeun ngarobah

urutanana.

9

Basa Anjeun rengse ngedit tur siap pikeun nangkeup gambar nu digabungkeun,

ketok

Rengse > .

Ngundeur aplikasi kamera

Anjeun tiasa ngundeur aplikasi kamera haratis atawa nu mayar ti Google Play™ atawa

Sony Select sejenna. Samemeh Anjeun mimiti ngunder ti, pastikeun sambungan Internet

Anjeun jalan, langkung sae ti Wi-Fi kanggo ngawatesan beaya patalimarga data.

Pikeun ngundeur aplikasi kamera

1

Buka aplikasi kamera.

2

Ketok

, teras ketok

TIASA DIUNDEUR.

3

Pilih aplikasi nu Anjeun hayang undeur, teras turutan parentah pikeun nyalsekeun

pamasangan.

102

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera mun layar dikonci ku cara mencet jeung nahan

kenop kamera.

Jalankeun tur potret

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung motret otomatis mun layar dikonci ku cara

mencet jeung nahan kenop kamera.

Jalan jeung rékam vidéo

Lamun setelan ieu diaktipkeun, Anjeun bisa muka kamera jeung mulai nyokot video mun layar dikonci ku cara

mencet jeung nahan kenop kamera.

Pareum

Simpen lokasi

Tambahkeun inpormasi lokasi geografis (geotag) ka poto upami anjeun moto.

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Sora

Pilih pikeun ngaktipkeun atawa mareuman sora jepret.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Blokir Toel

Anjeun bisa nganonaktipkeun layar toel jang nyegah toelan nu teu dihaja lamun Anjeun

make kamera.

Imbangan bodas

Setelan ieu, oge sadia di

Manual modeu motret, ngaluyukeun kasaimbangan warna

nurutkeun kondisi pencahyaan. Ieu oge ngidinan Anjeun jang ngaluyukeun eksposur

sacara manual dina wewengkon -2.0 EV nepi ka +2.0 EV. Contona, Anjeun bisa

ningkatkeun kacaangan gambar atawa nurunkeun eksposur ku cara ngetok kadali plus

atawa minus luyu jeung kahayang lamun ikon setelan imbangan bodas dipintonkeun.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

103

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.