Sony Xperia Z3 Compact - Mastikeun alat Anjeun dijagi

background image

Mastikeun alat Anjeun dijagi

Anjeun tiasa nyegah jalma sejen pikeun make alat Anjeun tanpa aya idin Anjeun.

Contona, upami alat Anjeun leungit, dicokot ku batur, atawa dipupus, ngan jelema nu

gaduh inpo akun Google™ atawa inpo konci layar Anjeun nu tiasa make alat eta. Pikeun

mastikeun yen alat Anjeun dijagi, penting kanggo Anjeun nyetel konci layar nu aman tur

nambah akun Google™ Anjeun dina alat Anjeun. Penting yen Anjeun inget inpo konci

layar sareng kredensial akun Google™ Anjeun. Pikeun mastikeun alat Anjeun dijagi,

Anjeun tiasa:

Nyetel konci layar aman dina alat Anjeun, nyaeta, konci layar PIN, kecap akses, pola,

pikeun nyegah jalma sejen nyetel ulang alat Anjeun. Kanggo inpo nu lainna, tingal

Konci

layar

di kaca 12.

Tambah akun Google™ pikeun nyegah jalma sejen pikeun nganggo alat Anjeun upami

dipaok sareng/atawa dipupus. Kanggo inpo nu lainna, tingal

Kunaon abdi butuh akun

Google™?

di kaca 11.

Aktipkeun ladenan web “Perlindungan ku my Xperia” atawa Manajer Alat Android™.

Nganggo salah sahiji ladenen ieu, Anjeun tiasa ti jarak jauh manggihan lokasi, ngonci,

atawa mupus alat nu leungit eta. Kanggo inpo lainna, tingal

Neang alat nu leungit

di

kaca 19.

Mariksa kepemilikan alat Anjeun

Tangtayungan

Reset Data Pabrik

Anjeun kudu muka konci layar samemeh Anjeun diidinan ngalakukeun Reset Data

Pabrik.

Tangtayungan my

Xperia

Upami Anjeun ti jarak jauh ngareset alat Anjeun make ladenan ieu, Anjeun kudu

nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo akun Google™ nu dikaitkeun

sareng ladenan eta. Alat kudu disambungkeun ka Internet samemeh proses panyetelan

tiasa di rengsekeun. Upami heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun saatos

direset.

Manajer Alat

Android™

Upami Anjeun ti jarak jauh nga-reset alat Anjeun make ladenan ieu, Anjeun kudu

nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo akun Google™. Alat kudu

disambungkeun ka Internet samemeh proses panyetelan tiasa di rengsekeun. Upami

heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun saatos direset.

Perbaikan software

Upami Anjeun make software Xperia™ Companion keur ngalakukeun perbaikan

software, Anjeun dipenta nuliskeun nami nu make sareng kecap akses akun Google™

Anjeun basa Anjeun ngamimitian alat saatos perbaikanna rengse.

Kanggo Manajer Alat Android™, diperlukeun pikeun nulis inpo ti akun Google™. Ieu tiasa akun

Google™ nu mana wae nu tos Anjeun setel dina alat. Upami Anjeun teu bisa nyadiakeun inpo

akun nu sasuai basa proses panyetelan, Anjeun moal bisa make alat eta sama sekali.